KAWALIAN DI TATAR SUNDA

Buat Muslim

أسلم تسلم

Buat Non Muslim

السلام على من اتبع الهدى

Minggu, 12 Januari 2020

ngawowoy

Tadarus 1
وَلَوْ بَسَطَ اللَّهُ الرِّزْقَ لِعِبَادِهِ لَبَغَوْا فِي الأَرْضِ وَلَكِنْ يُنَزِّلُ بِقَدَرٍ مَا يَشَاءُ إِنَّهُ بِعِبَادِهِ خَبِيرٌ بَصِيرٌ
Lamun Tea Alloh ngawowoy rezeki ka abdina, yakti bakal lacut di bumi. Tetapina Alloh ngalungsurkeun bari make Takeran kana naon anu Mantena karep. Alloh, ka abdina teh maha waspada tur ninggal.
======
Cara paninggal aya 2:
1. Bashoro -> bashiroh: ninggali nu lumpatna kana hate Sangkan ngarasa/ngareueus.
2. Nadloro -> munaadloroh: ninggal nu lumpatna kana otak Sangkan mikir
=======
Dina saperkawis bashor Alloh, Bashiiron. Ninggal nu dikira-kirakeun asup hate nu ngajurung kana riqqoh (nyaah najan kanu bengal) sapertikeun nyaahna indung ku ngaenenan najan ka budak bangor.