KAWALIAN DI TATAR SUNDA

Buat Muslim

أسلم تسلم

Buat Non Muslim

السلام على من اتبع الهدى

Sabtu, 30 September 2023

Papah Balya Ibnu Mulkan - Abu Nadl-dloor - Khidir a.s.

Papah Balya Ibnu Mulkan

Abul 'Abbas (Tukang merengut) - digentos ku abdi janten Abu Nadl-dlor (Tukang sumringah)

Khidir a.s ('alaihissalam)

==================

Balya - jama'na balaahii

Ibnu mulkan - 

(ibnu didieu teu pas dihartoskeun budak/anak,

rasa basa sunda/indonesia mah, sigana nu pasna mah ADI....)

kayaning Adikuasa.


=======

Adikuasa,

si kuasa teh lanceukna, kuasa itu kuasa ieu....

upami dongkap jalmi anu sagala kuasa, kuasa itu kuasa ieu, maka kaya kaya si kuasa teh lanceukna, manehna adina, nepika kaluar basa adikuasa (adi kuasa).

=======

Adidaya

si daya teh lanceukna, daya itu daya ieu....

upama datang hiji jalma atanapi hiji nagara, ngabogaan daya kitu daya kieu.... maka eta jalma atanapi eta nagara teh disebut si adidaya.

=======

Adiluhung

si luhung teh lanceukna, luhung ku elmuna, luhung ku akhlakna, luhung dina bandana.

euweuh deui bandingna piken si 'eta' dina kaluhungannana.

nepika disebut si eta mah si adiluhung.

=======

Ibnu mulkan - teu aya kecap-kecapan akhu shogir mulkan.

Alloh mere kakawasaan (karajaan -mulku) ka nabi khidir

mulku - karajaan , mulkan - loba karajaan nana, loba kakawasaannana

kawasa kana ngabongkar adat dunya, -khowariq, diantarana:

1. Parahu dibolongan da sabab piengke-eun, mun parahu teu dibolongan bakal digasab ku raja. ---Nyieun Alesan--- ku pibakaleun, anu sok padahal nu apal kana waktu pikahareupeun mah Alloh, kumaha Alloh we, kumaha takdirna Alloh.

(ngan alesan ieu ditarima ku Alloh, .... enya atuh mangga.... "Dasar si Ibnu Mulkan!")

2. Budak ditelasan, ku pedah kolotna sholeh, sieun ieu budak jadi lacut, ---Nyieun Alesan--- da sabab Alloh rek ngagantian ruhna eta budak jadi bageur. ( Alloh nga-enyakeun..... "Dasar si Ibnu Mulkan!")

3. Hiji gudang rek runtuh, ---{samemehna menta nyemah rek -mihapekeun beuteung- [sapertosna mah, tapi ditolak ku ahli lembur]---} eta gudang nu rek runtuh dibenerkeun, diajegkeun.

---- padahal mah menta buruh ----

---- ah, na da teu kudu menta buruh, sabab ieu gudang nu rek runtuh teh di handapna aya harta pependeman,  bobogaan dua budak pahatu lalis anu indung-bapana soleh. ---Nyieun alesan--- da sabab Alloh, engke bakal ngaluarkeun ieu harta pependeman lamun eta budak geus jalebrog, geus galede.

( Alloh nga-enyakeun..... "Dasar si Ibnu Mulkan!")

Ibnu Mulkan, Nabi Khidir 'alaihissalam.