اللهم صلّ عـلى محمـــــد
خـاتم الأنبياء والمرسـلين
|
سـلم
عـلى سـيد نا محمـد
وآلـه
وصـحـبه أجـمـعـين
|
|
Dulur-dulur
mangkade lamun diajar
Niat dina ati
tong hayang katangar
Atapi sangkan
beunghar sangkan tenar
Lamun ngancik
dina ati gancang singlar
Keur
nyuprih elmu dina manah niatan
Seja milari
karidloan Pangeran
Ngilangkeun
kabodo diri, babaturan
Tong lali seja
nanjeurkeun ka-Islaman
Nanjeurna
ajaran Islam teh ku elmu
Matakna hey kanca
ngaji masing timu
Ngaderes
ngapalkeun takror ulah jemu
Munajat ka Gusti
jadikeun panumbu
|
Eling-eling
mangka eling kabeh santri
Urang di Sinapeul
ayeuna keur ngaji
Hudang peuting
hayu munajat ka Gusti
Nyungkeun mugia
sing dicaangkeun ati
Ngemutan
ka sadayana sobat-sobat
Urang keur ngaji
kudu daek masyakat
Hudang peuting ka
Alloh urang munajat
Nyungkeun elmu
manfaat dunya akherat
Seja
masihan tanbeh ka santri kabeh
Keur ngaji tong
rineh tunduh kudu eleh
Munajat dzikir ka
Gusti tong talobeh
Mugi urang
dijantenkeun jalmi sholeh
|
|
|
|
|
Hey
Dzat nunyiptakeun langit katut bumi
Abdi sadaya nuju
tolabul ‘ilmi
Limpahan abdi
sadaya caang ati
Sangkan kana
pelajaran gampil ngarti
Hey
Dzat nu nyiptakeun daratan lautan
Paparinan futuh
nampi pelajaran
Diwuwuh ku taufiq
kana ngamalkeun
Paparinan lancar
tiasa nyebarkeun
Gusti,
Dzat nu nyiptakeun hideung jeung bodas
Jantenkeun abdi sadaya
jalmi ikhlas
Ka pada makhluk sing bisa
mikawelas
Sangkan jaga di
akherat dipiwelas
|
Hey
santri mangkade keur nyuprih pangarti
Niat dina ati
tong hayang kapuji
Atanapi sangkan
nyanghareupna jalmi
Gancang singlar
lamun ngancik dina ati
Niat
manah nalika tolabul ‘ilmi
Seja milari
karidloan ti Gusti
Ngilangkeun
kabodo diri, kulawargi
Niat nanjeurkeun
Islam anu utami
Anging
ku sabab elmu nanjeurna Islam
Matak ngaji hey
kanca sing bener faham
Ngaderes
ngapalkeun takror tong hoream
Munajat ka Gusti
sholat tengah malam
|
بقـدر الكد تكـتسـب
المـعـالى
بقـدر الكد تـعـــــــطى ما تروم
|
ومن
طلـب الـعـلى سـهـر الليـالى
ومـــــن
رام الـمنى لـيلا يـقـــــــوم
|
|
Ngilik
peurih ngaraih darajat tinggi
Nu nyuprih
darajat tangtos gugah weungi
Ngetang kapayah
meunangna cita-cita
Nu boga kahayang
tengah peuting beunta
(ngadu'a ka Nu
Kawasa )
|
|
لاإلـــــه إلآ اللــــــــه
مـحـمـد رسـول الله
|
المــلك الحـــق المــــبين
الصادق الوعد الأمين
|
|
|
Dulur-dulur
nu keur tidur
Gancang hudang
tong ngalinur
Hayu babarengan
dzikir
Ka Alloh nu maha
ghofur
Santri-santri
gancang nyaring
Manfaatkeun
hudang peuting
Qiyamulel sing
yakin penting
Munajat ka dzat
nu murbehing
Sobat-sobat
gancang hudang
Waktu ijabah sing
beunang
Ngadu’a ka Alloh
muntang
Hasilkeun maksud
kahayang
|
خمس هن شفاء للقلب
() مجالسة الصالحين () وقراءة القرآن وتدبر معناه () وقيام الليل () وصيام
النهار () وتضرع بالبكاء فى السحر
|
|
Lima
perkara nu jadi tamba ati
Masamoan jalmi
saroleh kahiji
Kaduana maca
quran masing ngarti
Katiluna puasa
heug pusti-pusti
Opat
hudang tengah peuting pikeun sholat
Tahajud sanajan
ngan dua roka’at
Kalima nalangsa
ku dosa maksiat
Keclakkeun cimata
jadikeun kifarat
|
Jadi
tamba pikeun ati lima warna
Masamoan jalmi
sholeh kahijina
Kadua maca qur’an
peleng maknana
Kosongkeun
beuteung puasa katiluna
Opat
hudang peuting laksanakeun shalat
Tahajjud ka dzat
Allah urang munajat
Kalima ceurik
janari kudu sempat
Nalangsa sabab
urang loba maksiat
|
عجّلوا بصلاة بصلاة
قبل الفوت
وعجّلوا بتوبة قبل المـــــــــــــوت
|
|
Gancang sholat – gancang sholat
Gancang
sholat memeh porot
Gancang tobat – gancang tobat
Gancang
tobat memeh maot
|
|