KAWALIAN DI TATAR SUNDA

Buat Muslim

أسلم تسلم

Buat Non Muslim

السلام على من اتبع الهدى

Senin, 06 April 2020

Istikhoroh Jeung Bisikan

Elmu bisik-bisik
Istikhoroh diulahkeun

Mangsa menang harewosna
Anjeun deukeut Jeung Allohna
Lamun Aya pamilihna
Teu kudu istikhorohna

Jawab ku leuleuy tong ambek
Santai teu kudu merekpek
Alloh suka mere elmu
Sae awon deresanmu

Istikhoroh milih barang
Ulah solat da geus meunang
Alus, Alus pek lakonan
Goreng, ulah pek jauhan

Jawaban ngilik dirina
Anu beda pamikirna
Najan kengeng jawabanna
Tetep solat mah badena

Alus nerus lulus banglus
Awon hoyong janten lulus
Owah gingsir ngilik diri
Sugan amal beja diri.... Da jadi malaikat

Amal sholeh salin rupa
Diri sholeh kadang lupa
Mangsa diri tisoledat
Amal bebeja nyapa'at

Dialogna:
Urg: Ya Alloh abdi gaduh pamilih, abdi bade istikhoroh.
Bsk: Teu kudu, anjeun mah teu kudu istikhoroh. Pek bae, tah nu ieu menang. Teu menang nu ieu.
GUSTIIIII....
Ngilik diri owah gingsir
Qodlo mu'allaq sok mampir
Alus gawe nyambung gawe
Nerus dina lampah sae.

Catatan
Urg teh urang
Bsk teh bisikan.
Bade nekadkeun naon urang kana bisikan?
Saat nu kieu mangsana urang nekadkeun, ngilik du'a nu dipanjatkan.
اللهم اجعل مسامع قلبى لذكرك عملا بكتابك وطاعة برسولك الأمين
Gusti jantenkeun pangdangu manah -bisik bisik, kalam khofi, ngajantenkeun diri dzikir ka Gusti. Ngamalkeun kitab, taat ka utusan -jibril alaihissalam- ::::sakamampuan::::

Gusti abdi Bade ngamalkeun:
يا عبدى انى عند ظنك بى
Sasauran Alloh SWT. "Kaula, kumaha panyangka".

Panyangka hamba tilu warnana:
Nyangka bisikan teh ti ruh, NGARUH.
Nyangka bisikan ti malaikat, NGANUR.
Nyangka bisikan ti Alloh Ku Anjeun, NGANU MILIK.

Ya Alloh, alakadar ngalungkeun sangka, sangka anu saena. Salira Ku Anjeun nu muka hijabna.
إن الله يُسمِع من يشاء
Gusti nu kawasa mere dangu kanu janten 'abdina. Abdi salahsawiosna. Sumangga.

الحمد لله