KAWALIAN DI TATAR SUNDA

Buat Muslim

أسلم تسلم

Buat Non Muslim

السلام على من اتبع الهدى

Senin, 24 Mei 2021

Bisikan Aheng 001

 

وَمَا يَسْتَوِي الْأَحْيَاءُ وَلَا الْأَمْوَاتُ ۚ إِنَّ اللَّهَ يُسْمِعُ مَن يَشَاءُ ۖ وَمَا أَنتَ بِمُسْمِعٍ مَّن فِي الْقُبُورِ

Nu maot beda jeung nu hirup

Mangsana nu maot kadangu kunu hirup
Kitu nu hirup didangu kunu maot

Enya gening ne mere dangu Alloh ku Anjeun

Alloh nu moal maot saeneng-eneng hirup

Mangsana aya nu maot ti makhlukna dihirupkeun

Mangsana aya makhluk nu hirup dimaotkeun (rosul oge maot, افهم الخالدون)

Euleuh gening Anjeun nu makhluk Alloh

Moal bisa mere dangu kanu dikubur

Nu maot dikubur ku taneuhna

Nu hirup dikubur ku jarakna

Anjeun nu makhluk Alloh

Nu mulya malaikat, rosul jeung nabi
Nu sami tina mani jeung mati 
Fi sabilillah matina nampi rizki

وَلَا تَحْسَبَنَّ الَّذِينَ قُتِلُوا فِي سَبِيلِ اللَّهِ أَمْوَاتًا ۚ بَلْ أَحْيَاءٌ عِندَ رَبِّهِمْ يُرْزَقُونَ 

Anjeun nu makhluk Alloh

Nu hina disapa dibere waktu 
Iblis syetan di alam ruhna 
Moal bisa ngagoda ka makhluk anu ikhlasna

قَالَ رَبِّ فَأَنظِرْنِي إِلَىٰ يَوْمِ يُبْعَثُونَ (79قَالَ فَإِنَّكَ مِنَ الْمُنظَرِينَ (80إِلَىٰ يَوْمِ الْوَقْتِ الْمَعْلُومِ (81قَالَ فَبِعِزَّتِكَ لَأُغْوِيَنَّهُمْ أَجْمَعِينَ (82إِلَّا عِبَادَكَ مِنْهُمُ الْمُخْلَصِينَ (83)

اللهم اجعلنى من العالمين العاملين المخلصين المتقين الراسخين في الدين

====

Nu mulya ngawartosan saena

Nu ngadangu hahapuntenan bilih teu tiasa midamelna

خير الأعمال ادوامها وان قل

Nu disapa siga miwarang kana awonna

Nu ngadangu nolak nampi hidayah Allohna

 فَأَلْهَمَهَا فُجُورَهَا وَتَقْوَاهَا (8قَدْ أَفْلَحَ مَن زَكَّاهَا (9وَقَدْ خَابَ مَن دَسَّاهَا (10

Gusti, Alloh Anu Agung

Salira nguji ku sae sareng awonna
Sangkan diri ulah hilap purwadaksina
Abdi makhluk, Salira Kholik tempat balikna

وَبَلَوْنَاهُمْ بِالْحَسَنَاتِ وَالسَّيِّئَاتِ لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُونَ


 

Sadaya-daya mangsa nampina

Nu sae sareng awonna
Ku carios bahasana
Teu ngilik saha-sahana

يَوْمَ يَقُومُ الرُّوحُ وَالْمَلَائِكَةُ صَفًّا ۖ لَّا يَتَكَلَّمُونَ إِلَّا مَنْ أَذِنَ لَهُ الرَّحْمَٰنُ وَقَالَ صَوَابًا (38) ذَٰلِكَ الْيَوْمُ الْحَقُّ ۖ فَمَن شَاءَ اتَّخَذَ إِلَىٰ رَبِّهِ مَآبًا (39)

Saha nu di alam ruh

Gusti nu gaduh

Saha nu malaikat

Nyorang piwarang moal maksiat

Saha nu nampi dangu

Abdi, basyar nu hente ragu

وَمَا كَانَ لِبَشَرٍ أَن يُكَلِّمَهُ اللَّهُ إِلَّا وَحْيًا أَوْ مِن وَرَاءِ حِجَابٍ أَوْ يُرْسِلَ رَسُولًا فَيُوحِيَ بِإِذْنِهِ مَا يَشَاءُ ۚ إِنَّهُ عَلِيٌّ حَكِيمٌ (51)

 

Rabu, 05 Mei 2021

Wahyu: "Kaula Balik"

Bisikan: "Kaula balik!"
Nu nyebut "kaula", abdi yakin Allohna.
ان الله عند ظن عبده به
Mangsa yakin Allohna, moal aya ti sakabeh 'alam (عالم=makhluk ghoerulloh, rek bangsa malaikat, rek hayawanat rek jamadat, rek nabatat) nu wani ngaku Yen dirina Alloh, sabab:
وَمَن يَقُلْ مِنْهُمْ إِنِّىٓ إِلَٰهٌ مِّن دُونِهِۦ فَذَٰلِكَ نَجْزِيهِ جَهَنَّمَ ۚ كَذَٰلِكَ نَجْزِى ٱلظَّٰلِمِينَ
Nu ngaku Alloh bari sanes Alloh bakal dijahanamkeun.

Mangsa ngadangu wahyu (bisikan tea [buka safinah]): "kaula balik!"
Abdi ngawaler (gerenteskeun Dina manah): "Ari kecap balik teh, di Dunya abdi mendakan keur nyaba. Berarti ayeuna teh keur nyaba ku kadangu kalamna, ayeuna balik kana teu kadanguna.
Enya, gening kitu ari Anu...
القيام بالناس
mah
لا يحتاج إلى غيره
ان الله لغني عن العالمين
enya kitu dawuhanNa"
....cep weh... Hening.
وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّهَ يَحُولُ بَيْنَ الْمَرْءِ وَقَلْبِهِ وَأَنَّهُ إِلَيْهِ تُحْشَرُونَ
Alloh ngabatas mar'u jeung manahna.
Najan teu kadangu, da Alloh tetep mancona.

=====

Nuhun Gusti, Salira ku Anjeun ngajagi nanah Abdi, Ya Alloh.