KAWALIAN DI TATAR SUNDA

Buat Muslim

أسلم تسلم

Buat Non Muslim

السلام على من اتبع الهدى

Minggu, 17 April 2016

BARJANJI 001

ابتدئ الإملاء باسم الذات العلية
Kawitan nyerat kalawan nyebat jenengan Alloh nu maha luhur
مستدرا فيض البركات على ما اناله واولاه
Miharep digolontorkeun berkah kana perkara nu tos diraih tur dipiboga
واثنى بحمد موارده سائغة هنية
Kaula ngalem kalawan puji anu datangna tina dasar kaluginaan
ممتطأ من الشكر الجميل مطاياه
Nu dilakonan nembongkeun syukur nu teu kaukur dina endahna nu dipilampah
واصلى واسلم على النورالموصوف بالتقدم والأولية
Maca shalawat sinareng salam ka Nur Muhammad nu kasipatan awal ciptaan
المنتقل فى الغرر الكريمة والجباه
Nu pundah pindah nur kanabian di diri hamba mibanda mulya
واستمنح الله تعالى رضوانا يخص العترة الطاهرة النبوية
Kaula ngalap mugi pangeran maparin karidoan anu khususna ka para turunan Rosul junjunan
ويعم الصحابة والأتباع ومن والاه
Mugi walatra ka shahabatna katut pengikut nu turut tumut
واستجديه هداية لسلوك السبل الواضحة الجلية
Kaula nyuprih mugia sugih ku hidayahna nalika ngambah jalan nu lempeng eces tur tembres
وحفظا من الغواية فى خطط الخطأ وخطاه
Tur diraksa tina sasarna mangsa ngalengkah ninggang na salah
وانشر من قصة المولد النبوي برودا حسانا عبقرية
Kula macakeun kisah maulid nabi Muhammad nu matak reueus mangsa dumeuheus
ناظما من النسب الشريف عقدا تحلى المسامع بحلاه
Ku nganadhomkeun nasab jungjunan anu mepende hatena jalma anu ngadenge
واستعين بحول الله تعالى وقوته القوية
Nyungkeun pitulung ku upaya tur kakuatan-na Alloh hiji dzat nu maha kuat
فإنه لا حول ولا قوة الا بالله

Cukang lantaran teu aya daya jeung kakuatan lintang ku tulung ti dzat nu agung

Tidak ada komentar :

Posting Komentar