KAWALIAN DI TATAR SUNDA

Buat Muslim

أسلم تسلم

Buat Non Muslim

السلام على من اتبع الهدى

Rabu, 20 Juli 2016

Sakumaha bedana hisab jeung rukyat

Hisab mangga anggo, ngan terbatas jumlahna – man shoddaqo (من صدق) – kitu ceuk ulamana.
Rukyat da memang eta nu kukuhna
–kusabab dipublikasikeun ka balareana, sedengkeun aturan fiqihna?-
Ditilik ditalungtik, diperhatikeun saban taunna, nu hisab mah angger bae 29 poena.
Anu rukyat mah kadang kala aya 30 na.
beda sabara poe ? 1 poe tina sabulanna.
Nu dirukyat romadlon jeung syawal wungkul? Heunteu…. Kadang tina sataun aya 5 bahkan 6 na.
Sataun 6 poe bedana. 5 taun sabaraha poe? 30 poe. Sabulaneun.
Mun terus make hisabna maka geus gejlok sabulanna.
Dina hartos
Nu make hisab kudu geus puasana, pas lebaran, nu rukyat karek geur puasana.
Tos sabaraha taun beda hisab rukyat teh?
Pangaruhna…… waktu bumi jadi benjolna, usum-usuman henteu puguhna, da memang kitu sunatullohna
Nu patani riweuh ripuhna, da ngarasaan langsung kenana
Naha usum ngijih bet aya halodo panjangna, nu kuduna melak make bet jadi gersangna
Naha usum halodo bet aya hujan ngecrekna, nepika bingung kudu kumaha, jeung iraha melakna?
Sabaraha taun atuh? - kirang langkung 40 taunan lah – sabulan = 29 poe.
40 : 5 = 8 bulan (29) dipundurkeunana 6 bulan = jadi sataun sateungah
Cara ngitungna
Juli 2016 = di bumi sepuh naha kalender bet 2015na? wayahna urang jemput nu nyasar jalanna –saperti nu seserahananana
Indit tiheula pedah yakin apalna, ari pek kalangsu bongan misahna
Dinu hajatna riweuh nu tiheula tapi can jucung di tempatna. Wayahna kudu disusul ku dijemputna

Da sarua hayang kumpulna.

Tidak ada komentar :

Posting Komentar