KAWALIAN DI TATAR SUNDA

Buat Muslim

أسلم تسلم

Buat Non Muslim

السلام على من اتبع الهدى

Selasa, 01 Desember 2015

ANUGERAH MANGSA AMALAN

Aya aneh mangsa amalan
Hiang-hiung dadanguan
Aya kabar kawalian
Wali Syare'at kawitan
Sajabi ti Kawalian
Wartos mangga pek tikahan
Opat istri nu ngalaman
Nyangkaruk na perasaan
Nuri Nurhadi kahiji
Nu salembur dialami
Nenden Mu’awanah sami
Di pasantren mangsa ngaji
Lia tomat oge sempet
Mung gening da tos disabet
Ku rai guru em-te-ka
Pa Usep Bahrudin raka
Nurlina Ciwidey pernah
Keur ka-ka-en lebet manah
Mung bet aya kahanjelu
Kuciwa mangsa sasapu
Ela Nurlaela Cipanas
Anyar-anyaran bet panas
Mung Alloh nu Maha Awas
Tuduhkeun jalan nu pintas
Aya kabar jadi korin
Sobat arqom nu arba’in
Gegedug Iyam Cililin
Neng pipit diajak ulin –silaturahmi, ketang.
Mangsa alumnian pendak
Jeng sobat mangsa keur budak
Di sakola lemburawi
Baitul Arqom Al-Islami
Gening aya nu caketna
Ela Qodariah namina
Gening gaduh pasantrenna
Sareung sakola majengna
Mangga tinggal na photona
Kasep geulis pameunteuna
Bungah bisa patepungna
Najan riweuh jeung budakna

Tidak ada komentar :

Posting Komentar