KAWALIAN DI TATAR SUNDA

Buat Muslim

أسلم تسلم

Buat Non Muslim

السلام على من اتبع الهدى

Sabtu, 26 Desember 2015

Do'a Harian

DO’A – DO’A HARIAN
1.       
Do’a sateuacan sare 1
بسمك ربى وضعت جنبى _ بسمك ارفعه  _ فاغفر لى ذنبى
Dengan menyebut namaMu ku letakkan dan ku angkat (ku tegakkan) badanku. Maka ampunilah aku (Ya Alloh).  
2.       
Do’a sateuacan sare 2
اللهم قنى عذابك يوم تبعث عبادك
Ya Alloh, Ya Tuhan Kami, lindungi aku dari siksaMu pada hari Engkau bangkitkan hamba-hambaMu.
3.       
Do’a sateuacan sare 3
اللهم بسمك احيا واموت
Ya Alloh, Ya Tuhan Kami, dengan menyebut namaMu aku hidup dan aku mati
4.       
Do’a sateuacan sare 4
اعوذ بك اللهم من شر كل ذى شر ومن شر كل دابة انت آخذ بناصيتها ان ربى على صراط مستقيم
Aku berlindung kepadaMu Ya Alloh, dari keburukan orang-orang yang memiliki keburukan dan dari keburukan hewan-hewan melata
5.       
Do’a sateuacan sare 5
اللهم انت الأول فليس قبلك شيئ _ وانت الآخر فليس بعدك شيئ _ وانت الظاهر فليس فوقك شيئ _ وانت الباطن فليس دونك شيئ _ اقض عنى الدين وأغننى من الفقر
Ya Alloh, Ya Tuhan Kami, Engkaulah yang pemula dan tidak ada sesuatu pun sebelum Engkau
Engkaulah yang pengakhir, tidak ada sesuatu pun sesudah Engkau
Engkaulah yang dhohir, tidak ada sesuatu pun yang menghalangi Engkau
Engkaulah yang bathin, tidak ada sesuatu pun yang terhalangi olehMu
Penuhi aku akan utangku, dan kaya rayakan aku dari kefakiranku
6.       
Do’a sateuacan sare 6
اللهم انت خلقت نفسى وانت تتوفاها _ لك مماتها ومحياها _ ان امتها فاغفرلها _ وان احييتها فاحفظها بما تحفظ به عبادك الصالحين
Ya Alloh, Ya Tuhan Kami, Engkaulah yang telah menciptakan aku dan Engkaulah pula yang mematikanku.
milikMu ya Alloh, matiku dan hidupku ini.
Bilakah Engkau mematikan aku, maka ampuni aku.
Bilakah Engkau menghidupkan aku maka jagalah aku dengan penjagaanMu kepada hamba-hamba sholehMu.
7.       
Do’a sateuacan sare 7
اللهم انى اسألك العفو والعافية فى الدين والدنيا والآخرة
Ya Alloh, Ya Tuhan Kami, sesungguhnya aku memohon ampunan, keinsafan dan kesadaran dalam hal agama, dunia dan akhirat
8.       
Do’a hudang sare 1
الحمد لله الذى احيانا بعد ما اماتنا واليه النشور
Sagala Puji Kagungan Gusti Alloh Nu Parantos Ngarihupkeun Saba’da Gusti ngamaotkeun abdi. Sareng ka Gusti abdi balik tur nyebar di alam mahsyar
9.       
Do’a hudang sare 2
اصبحنا واصبح الملك لله والعظمة والسلطان والعزة والقدرة لله رب العالمين
Jadi caang – hate – urang sadayana, jadi caang karajaan Alloh, kaagungannana, kakawasaannana, kamurbawisesaannana. Sagala kajadian kagungan Alloh nu ngurus sadaya alam.
10.    
Do’a hudang sare 3
اصبحنا على فطرة الإسلام و على كلمة الإخلاص وعلى دين نبينا محمد صلى الله عليه وسلم وعلى ملة ابينا ابراهيم حنيفا مسلما وما كنا من المشركين
Jadi caang – hate – urang sadayana netepan kana fitrah islam, netepan kana kalimat ikhlas, netepan kana agama Nabi urang sadayana Nabi Muhammad Shollallohu ‘alaihi wa sallam (SAW) sareng netepan kana agama rama urang sadayana Nabi Adam Alaihissalam (AS) nu murni kamuslimannana, jeung teu kabuktian urang sadayana ti golongan anu mungpang syare’at Rosululloh (musyrik)
11.    
Do’a hudang sare 4
اللهم بك اصبحنا وبك امسينا وبك نحيا وبك نموت واليك النشور
Nun Gusti Alloh Pangeran Abdi, ku pitulung Gusti abdi mendak dinten (enjing-enjing sareng sontenna) nu enggal, kalawan widi Gusti hirup abdi, maot abdi sareng ka Gusti abdi mulang.
12.    
Do’a hudang sare 5
اللهم انا نسألك ان تبعثنا فى هذا اليوم الى كل خير ونعوذ بك ان نجترح فيه سوأ او نجره الى مسلم او يجره احد الينا
Nun Gusti Alloh Pangeran Abdi sadaya, Abdi nyuhunkeun ka Gusti, utus abdi dina ieu dinten kana kasaean, sareng abdi nyalindung ka Gusti tina nyacad ieu dinten ku kaawonan, atanapi abdi ngaawonkeun papada muslim, tur abdi nyalindung tina diawonkeun ku papada jalmi.
13.    
Do’a hudang sare 6
اللهم انا نسألك  خير هذا اليوم وخير ما فيه ونعوذ بك من شره وشر ما فيه
Nun Gusti Alloh Pangeran Abdi sadaya, abdi nyuhunkeun kasaean ieu dinten, sinareng kasaean nu aya dina ieu dinten. Sareng abdi nyuhunkeun panyalindungan ka Gusti tina kaawonan ieu dinten sinareng, sinareng kaawonan nu aya dina ieu dinten.
14.    
Do’a asup ka WC 1
بسم الله أعوذ بالله من الرجس والنجس الخبيث المخبث الشيطان الرجيم
Kalayan nyebat jenengan Alloh. Nyalindung abdi ka Gusti Alloh, tina kokotor, tina najis, tina najis nu pang najis-najisna nyaeta Syetan anu dikutuk
15.    
Do’a asup ka WC 2
اللهم انى أعوذ بك من الخبوث والخبائث
Nun Gusti Alloh Pangeran Abdi, Abdi nyalindung ka Gusti ti golongan jin iprit lalaki jeung jin iprit awewena.
16.    
Do’a kaluar WC 1
غفرانك الحمد لله الذى أذهب عنى ما يؤذينى
Nyuhunkeun pangapunten Gusti, sagala puji kagungan Gusti Alloh nu parantos ngaleungitkeun perkara nu matak milaraan ka diri abdi
17.    
Do’a kaluar WC 2
غفرانك الحمد لله اذهب عني الأذى وعافنى
Nyuhunkeun pangapunten Gusti, sagala puji kagungan Gusti Alloh nu parantos ngaleungitkeun pilara ti diri abdi sareung parantos ngawaraskeun jisim abdi
18.    
Do’a beres istinja
اللهم طهر قلبى من النفاق وحصن فرجى من الفواحش
Nun Gusti Alloh Pangeran Abdi, bersihkeun manah abdi tina kamunafikan sareng raksa farji abdi tina kanistaan
Do’a dina nalika rek wudlu
19.    
Bari diuk
بسم الله الرحمن الرحيم . رب اعوذ بك من همزات الشياطين واعوذ بك رب ان يحضرون
Bismillahirrahmaanirrahim. Nun Gusti Pangeran abdi, abdi nyalindung ka Gusti tina reka perdaya syetan, sareng nyalindung abdi tina hadirna syetan ka diri abdi.
20.    
Ngumbah panangan
اللهم انى اسألك اليمنى والبركة واعوذ بك من الشؤم والهلكة
Nun Gusti Alloh Pangeran Abdi, abdi nyuhunkeun kaberkahan sareng nyalindung abdi tina kacilakaan
21.    
Do’a kekemu
اللهم اعنى على تلاوة كتابك وكثرة الذكر لك وثبتنى بالقول الثابت فى الحياة الدنيا وفى الآخرة
Nun Gusti Alloh Pangeran Abdi, tulungan abdi kana gampil maca kitah Gusti sareng seueur dzikir ka Gusti sareng tetegkeun abdi kalawan ucapan istiqomah dina mangsa hirup di dunya sareng di akherat
22.    
Do’a ngingsreukeun
اللهم ارحنى رائحة الجنة وانت عنى راض
Nun Gusti Alloh Pangeran Abdi,  angseukeun abdi kana seungitna surga bari Gusti mikarido
23.    
Do’a nyebrengkeun
اللهم انى اعوذ بك من روائح النار وسوء الدار
Nun Gusti Pangeran Abdi, abdi nyalindung ka gusti tina angseu Naraka sareng tina pang awonna tempat
24.    
Do’a ngawasuh raray
اللهم بيض وجهى بنورك يوم تبيض وجوه اوليائك ولا تسود وجهى بظلماتك يوم تسود وجوه اعدائك
Nun Gusti Pangeran Abdi, bodaskeun raray abdi ku cahaya Gusti dina dintenan barodasna pameunteu-pameunteu kakasih Gusti. Sareng mugia tong ngahideungkeun raray abdi ku popoek Gusti dina mangsa harideungna pameunteu-pameunteu musuh Gusti
25.    
Do’a ngawasuh panangan tengen
اللهم اعطنى كتابى بيمينى وحاسبنى حسابا يسيرا
Nun Gusti Pangeran Abdi, paparinkeun kitab abdi ku panangan tengen abdi, sareng hisab abdi kalawan hisaban anu enteng
26.    
Do’a ngawasuh panangan kiwa
اللهم انى اعوذ بك ان تعطينى كتانى بشمالى او من وراء ظهري
Nun Gusti Pangeran Abdi, abdi nyalindung Ka Gusti tina dipaparinkeun kitab abdi ku panangan kiwa abdi atanapi ti pengkereun abdi.
27.    
Do’a ngusap rambut / mastaka 1
اللهم غشنى برحمتك وانزل عليّ من بركاتك واظلنى تحت ظل عرشك يوم لا ظل الا ظلك
Nun Gusti Pangeran Abdi, tutupan abdi ku rohmat Gusti sareng lungsurkeun barokah Gusti ka diri abdi, tur paparin iuh-iuhan abdi di sahandapeun iuh-iuhan arasy Gusti dina poenan nu henteu aya iuh-iuhan kajabi iuh-iuhan Gusti
28.    
Do’a ngusap rambut / mastaka 2
اللهم حرم شعرى وبشرى على النار
Nun Gusti Pangeran Abdi, tebihkeun rambut abdi sinareng kulit abdi tina seuneu naraka.
29.    
Do’a ngusap cepil 1
اللهم اجعلنى من الذين يستمعون القول فيتبعون احسنه
Nun Gusti Pangeran Abdi, jantenkeun abdi ti golongan jalmi-jalmi nu ngupingkeun cariosan sareng tumurut kanu saena
30.    
Do’a ngusap cepil 2
اللهم اسمعنى منادى الجنة فى الجنة مع الأبرار
Nun Gusti Pangeran Abdi, jantenkeun nguping abdi kana panggero di surga sarta jalmi-jalmi nu sararae
31.    
Do’a ngusap tengek
اللهم فك رقبتى من النار واعوذ بك من السلاسل والأغلال
Nun Gusti bebaskeun abdi tina seuneu naraka, sareng nyalindung abdi ka Gusti tina panyangreud jeung pangborogod
32.    
Do’a ngawasuh sampean tengen
اللهم ثبت قدمي على الصراط المستقيم مع اقدم عبادك الصالحين
Nung Gusti tetegkeun sampean abdi dina sirot (sasak pamisah surga naraka) sarta pirang-pirang sampean hamba-hamba Gusti nu saroleh
33.    
Do’a ngawasuh sampean kiwa
اللهم انى اعوذ بك ان تزل قدمي على الصراط فى النار يوم تزل اقدام المنافقين والمشرقين
Nung Gusti Pangeran Abdi, abdi nyalindung ka Gusti tina tisoledat dua sampean abdi nu jadi lantaran tigebrus kana naraka dina dintenan tisoledatna cokor-cokor jalma-jalma munafik jeung jalma-jalma nu malusyrik
34.    
Do’a Beres wudlu
اشهد ان لا اله الا الله وحده لا شريك له
Nyakseni abdi kana yen satemenna teu aya pangeran nu hak diibadahan anging gusti Alloh nu sahiji –nu hijina teu ngahiji- sareng nu teu aya batur reujeung nu ngareujeungannana –dina dzatna, sifatna, sareng damelna-
واشهد ان محمدا عبده ورسوله
Nyakseni abdi kana yen satemenna Nabi Muhammad teh hambaNa sareng Utusannana
اللهم اجعلنى من التوابين واجعلنى من المتطهرين واجعلنى من عبادك الصالحين
Nun Gusti, jantenkeun abdi ti golongan ahli tobat, bersih hate tur saroleh
واجعلنى صبورا شكورا واجعلنى اذكرك ذكرا كثيرا واسبحك بكرة واصيلا
Tur jantenkeun abdi ti golongan nu sok salabar, salukur, oge deuih jantenkeun abdi nu seueur dzikir ka Gusti, maca tasbeh ka Gusti dina isuk-isuk jeung sore-sore
35.    
Do’a diacuk sae
الحمد لله الذى كساني هذا وزرقنيه من غير حول منىّ ولا قوّة - غفر الله له ما تقدم من ذنبه ( اغفر لى الله ما تقدم من ذنبى )
Sagala puji kagungan Alloh nu parantos nganggean abdi kalawan tanpa daya upaya sinareng kakiatan ti diri abdi. Sareng mugi Gusti ngahapunten kana dosa-dosa abdi nu tos kalangkung.
36.    
Do’a diacuk sae
اللهم انى اسألك خيره وخير ما هو له واعوذ بك من شره وشر ما هو له
Nun Gusti Pangeran abdi, abdi nyuhunkeun kasaean ieu anggean
37.    
Do’a ngalaan acuk 1
اللهم لا تجعلنى من القانطين
Nun Gusti Pangeran abdi, ulah dijantenkeun abdi ti golongan nu putus asa
38.    
Do’a ngalaan acuk 2
اللهم اجعلنى من المؤمنين
Nun Gusti Pangeran abdi, jantenkeun abdi ti golongan jalma mu’min
39.    
Do’a emam
اللهم بارك لنا فيما رزقتنا وقينا عذاب النار
Nun Gusti Pangeran abdi, barokahkeun rejeki abdi, sinareng raksa abdi tina siksa Naraka
40.    
Do’a tos emam
الحمد لله الذى اطعمنا وسقانا وجعلنا من المسلمين
Sagala puji kagungan Alloh nu parantos maparin tuang sareng eueut ka abdi sadaya, sareng mugia Gusti ngajantenkeun abdi ti rengrengan jalma muslim
41.    
Do’a ngeunteung
اللهم كما حسنت خلقى فحسن خلقى
Nun Gusti Pangeran abdi, sakumaha parantos nyaekeun Gusti ka diri abdi, maka saekeun oge akhlak abdi

Tidak ada komentar :

Posting Komentar